Jumat, 11 Desember 2009

KUJANG DUA PANGADEKNA

Pamendak H.Rachmat M.A.S.

Saban bangsa ngabogaan filsafat anu jadi kayakinan sabagean gede ti bangsa eta. Filsafat ieu anu jadi pangdorong jeung anu nungtun perjoangan bangsa eta ngudag cita-citana. Biasana filsafat teh disimbulkeun dina barang anu dianggap sakral, saperti falsafah Panca Sila disimulkeun dina Lambang Negara Garuda .

Lantaran filsafat aya pakuat-pakaitna jeung udagan jeung perjoangan bangsa , mimindengna mah filsafat teh disimbulkeun dina pakarang utama bangsa eta, saperti pedang atau sabangsana. Urang Sunda nyebutna teh pakarang atawa ageman.

Pakarang teh parabot anu sifatna fisik pikeun ngagampangkeun perjoangan. Ageman oge pakarang keneh, tapi sipatna spiritual. Ageman teh kapercayaan atawa kayakinan anu geus pageuh nancleb dina batin, anu satereusna bakal jadi mesin pangdorong, jadi kompas pikeun ngelelempeng kana tujuan, jadi obor pikeun nyaangan jalan jeung jadi kakuatan jeung kapercayaan diri ka anu nyekelna dina berjoang nudag cita-cita.

Urang Sunda anu jumlahna henteu saeutik jeung ngabogaan sajarah anu cukup panjang, tangtu ngabogaan filsafat sorangan, Karuhun Sunda nyiptakeun jeung ngaboga-an filsafat anu kungsi nganteurkeun aranjeunna kana kajayaan jeung kahormatan di jamanna, sarta tangtu ngaharepkeun seke-selerna ngaronjatkeun ajen hasil aranjeunna.

Filsafat Sunda mah mangrupa peureutan tina galeuh-galeuhna harti jeung maksud hirup manusa. Karuhun Suinda paham sarta yakin nyaan yen hirup jeung kahirupan, kaasup manusana anu diciptakeun ku Allah SWT Anu Nyebat Anjeun kagungan sifat lahir jeung batin. ( AQ; Al Hadid; 3 ), pasti ngabogaan sipat lahir-batin oge anu duanana kudu dicumponan pangabutuhna.Pamahaman jeung kayakinan ieu pisan anu jadi bibitna filsafat Sunda. Filsafat bibit ieu teh disimbulkeun dina Kujang, pakarang utama utrang Sunda.

Kujang teh dua pangadekna. Ku kitu para karuhun Sunda rek mere isarat ka seke-selerna yen dina jamanna aranjeunna kagungan dua cecepengan anu gumulung ngajadi hiji. Nu hiji pakarang, nu hiji deui ageman.Ku kujang, para karuhun Sunda seja ngelingan sangkan seke-seler Sunda paham pisan kana harti hirup di alam dunya ieu jeung dina ngajalananana kudu ngabogaan dua pakarang anu ampuh, anu kudu gumulung ngajadi hiji na jero diri, nyaeta elmu kadunyaan jeung elmu kaaheratan. Atawa elmu lahir jeung elmu batin. Ku elmu anu dua ieu Ki Sunda bakal ngabogaan SDM anu luhung.

Eta tandana karuhun Sunda paham jeung yakin nyaan kana harti hirup, sarta ngabuktikeun aranjeunna paham pisan kana kawajiban utama hiji manusa nyaeta ihtiar nyiar karaharjaan lahir jeung batin.Ku agama Islam disebut jihad fii sabilillah ngudag kahadeaan dunya jeung kahadean aherat keur dirina jeung keur nu lian.

Kuring henteu terang iraha filsafat eta lahirna. Naha samemeh atawa sabada Islam asup ka Sunda ? LamuN lahir sabada Islam, cirina roh Islam geus nyangkaruk dina diri karuhun Sunda. Lamun samemehna, eta ciri anu tetela pisan yen Sunda teh Islam jeung Islam teh Sunda. Naha bisa kitu Sunda geus Islam samemeh Islam asup ka tatar Sunda? Teu mustahil.

Agama anu dianggap bener jeung lempeng teh ( hanif ) agama anu dicandak ku Nabi Ibrahim, nyaeta agama tauhid, agama anu ngayakinkeun yen Allah teh Nunggal.tur Maha Kawasa Jalma anu ngayakinkeun kitu sarta masrahkeun maot jeung hirupna ka Allah Anu Maha Tunggal, disebut muslim.Sakabeh Nabi anu dilungsurkeun ku Allah SWT, teu aya anu dibedakeun sadayana disebut muslim.najan henteu ngajalankeun sareat Islam anu dicandak ku Nabi Muhammad saw. Rasulullah saw kagungan tugas nyampurnakeun agama anu dicandak ku karuhunna ku anjeun, anu saterusna diisebut agama Islam.

Kayakinan atawa agama urang Sunda samemeh aya Islam sok disarebut agama Sunda. Agama Sunda lain animisme anu migusti ka karuhun, oge lain polytheisme, nyembah sababaraha ilah, tapi monotheisme, agama anu nyembah Allah Anu Teu aya Duana.Sesembahan itu teh disebut Sanghyang Tunggal. Jadi agama Sunda teh agama tauhid, sajalan jeung agama Nabi Ibrahim as. Lantaran kitu henteu aneh lamun, malah asup akal pisan, lamun roh agama Sunda jeung roh agama Islam loba sasaruaanana anu hakiki.

Ajaran Islam ngajarkeun yen sajaba ti anu 25 masih keneh loba nabi sejenna anu sarua dilungsurkeun ku Allah SWT anu henteu didongengkeun. Jadi di mana mustahilna pikeun Allah Anu Maha Kawasa kantos ngalungsurkeun nabi agama Sunda ?

Jadi keur anu awam mah teu pati penting nganyahokeun naha filsafat Sunda teh lahir samemeh atawa sabada Islam. Keun eta mah bagean para ahli sajarah nalungtikna. Anu penting mah, urang Sunda ayeuna wajib ngarasa reueus jeung tumarima ditinggalan warisan ageman anu pangampuh-ampuhna pikeun sagala rupa masalah di saban jaman jeung tempat. Pantes lamun disebut ageman anu adiluhung teh.

Tapi lain maksudna supaya reueus kitu bae saperti jalma agul ku payung butut , ngarasa nikmat terhormat ku kahebatan karuhun, bari sorangan teu aya naon-naonana.Sikep kitu mah moal nguntungkeun, anu pasti mah matak ngajongklokkeun urang kana kacilakaan.

Rasa reueus teh kudu nyambung kana syukur tumarima. Nembongkeunana, seke-seler Sunda anu ayeuna kudu bisa ngamangpaatkeun ageman anu adiluhung teh pikeun karaharjaan lahir-batin Ki Sunda khususna, keus kajayaan Indonesia dina jembarna.

Pikeun ngajaga sangkan ageman tetep ajeg, gampang kahartina jeung gampang ngamangpaatkeunana, karuhun Sunda ninggalan filsafat-filsafat sejenna anu nerangkeun filsafat bibit. Nu kieu teh kapanggih dina carita-carita rayat anu pabalatak di mana-mana. Conto anu pangutamana, lalakon Lutung Kasarung.

Lutung Kasarung dibalangkeun ti kahyangan ka alam dunya dina wujud sato, lantaran ngajalankeun anu dilarang. Di dunyana. LK nu goreng patut teh dipanggihkeun jeung Purbasari, putri geulis anu suci atina , lambang elmu kapangeranan /agama anu harita keur dihina jeung disiksa ku dulur-dulurna anu jarahat. LK ngabela Purbasari.Hakekatna mah ngabelaan bebeneran, ngadegkeun kaadilan jeung kahadean, ngaruntuhkeun kabatilan jeung kamungkaran. Migawe kitu teh hakekatna ngaajalankeun parentah harian Allah SWT ka saban manusa, hususna pisan mah ka anu ariman. Jeung singsaha anu daek ngajalankeunana, dijangjian ku Allah SWT bakal dihormat ku MantenNA.

Bareng jeung rengsena nyalametkeun sarta mihukum Purbasari.LK dipulangkeun deui kana wujudna anu asli, satria kasep pilih tanding. LK anu sajati teh lalaki langit lalanang jagat. Lalaki anu religius, satria anu perceka. Satria-pinandita atau pandita sinatria. Mujahid, cek basa agama Islam mah. Samemeh mulang deui ka kahyangan LK kungsi meunang kahormatan jeung martabat anu luhur di dunya. Kitu kayakinan karuhun Sunda dina jamanna jeung kitu panyileukan aranjeunna, hoyong ningali seke-seler Sunda, para nonomanana jaradi satria pinandita, anu tiheulana jaradi pandita-sinatria. Duanana digawe babarengan di satempat-tempatna sacabakna-sacabakna.

Bandingkeun lalakon LK ieu jeung lalakon Nabi Adam as anu sarua pada tijengkang ti sorga lantaran ngajalankeun anu dilarang. Anjeunna katalangsara di dunya . Saterasna ditepangkeun jeung Siti Hawa anu cek sakaol diciptakeun tina tulang iga anjeunna ku anjeun. Adam jeung Hawa sasarengan berjoang ratusa taun. Sabada ngalaksanakeun pituduh ti Allah SWT nembe ariasa mulih deui ka sorga sarta kenging kahormatan jeung martabat Nabi Allah.

Hakekatna mah sakabeh manusa sarua jeung lutung anu kasarung. Manusa anu polos tina ajen-ajen karohanian taya bedana ti sato. Kasarung, hartina nyasab. Nyasab di jero sarung Asa mustahil bisa nyasab di tempat anu sakitu heureutna. Tapi da kitu manusa mah ti baheula tepi ka jaga oge. Taya bedana ti lutung, kasarung di dunya anu cenah lega padahal saenya leutik pisan dibandingkeun jeung alam jaga, komo jeung Anu Ngadamelna mah. Jalma kasarung ku sabab biasa mikir jauh teuing , nyimpulkeun yen hirup teh sulit-pabeulit , kudu kieu kudu kitu tepi ka jadi bingung. Ari geus bingung mah nyasab teh beuki jauh. Nu pinter jadi sato galak, no bodo jadi hakaneun nu pinter.Padahal sabenerna mah basajan pisan jeung koncina teh teu jauh-jauh teuing, nyaeta percaya jeung taat ka Anu Agung.

Nya kitu pisan anu disindirkeun ku Si Kabayan oge basa manehna dititah ngala tutut ki mitohana. Manehna keukeuh embung da nyangka sawah teh jero pisan.Buktina ,cenah, bakat ku jero langit oge katembong. Tapi sabada digebruskeun mah ku mitohana sarta sabada ngalaman sorangan , bari nyerengeh purunyus , tapi beuneur, pokna teh : el da deet.

Karuhun Sunda ngarepkeun ku kawalan filsafat karuhun, seuweu-siwi Sunda ulah tetep jaradi lutung kasarung, tapi kudu jaradi lalaki langit lalanang jagat, ngabogaan jatidiri satria-pinandita atawa pandita-sinatria di sagala widang, saperti anu aya di LK atawa Guruminda. Ciri-cirina, cageur, rohani jeung jasmanina, bageur, hade akhlak, pinter, seukeut uteukna, bener, prak-prakanana luyu jeung aturan agama. Lamun jatidiri ieu geus maneuh , Insya Allah cahaya karaharjaan lahir-batin Ki Sunda bakal ngahi-baran buana tatar Sunda, leuwihna bakal gumebyar ka tatar luar.

Tina diri anu raharja lahir jeung batin moal henteu bakal tumuwuh karya jeung kreativitas anu sarwa hade. Nagara jadi raharja, rea ketan rea keton, anu tani pada mukti sodagar pada beunghar, nu jareneng pada senang teu loba kahariwang, somah pada betah tumaninah di lemah anu genah tur merenah. Seni jeung budaya baranang nyongcolang tembong ka awang-awang.

Sabalikna pisan, tina batin anu garing taya anu bisa diarep-arep. Eta sababna kuring yakin pisan di mana karaharjaan lahir jeung batin Ki Sunda geus kahontal, atawa sakurang-kurangna geus deukeut ka dinya, sagala rupa anu ayeuna karasa teu pikapa-nujueun, teu pikareueuseun jeung anu sejen-sejenna deui, bakal nungtutan laleungitan. Insya Allah.

Jaba ti dina carita-carita rayat, filsafat Sunda bakal loba ketembong nembres dina paribasa-paribasa,dina ungkara keung babasan,di antarana saperti silih asih,silih asah, silih asuh.Herang caina beunang laukna.Teu langkung anu dibendo. Someah hade ka semah. Ulah pupulur memeh mantun.Kabehanana karasa pisan ngandung roh Islam sabab ngait kana ayat-ayat Al Quran atawa hadits Nabi saw.

Silih asih maksudna silih pikanyaah karna Allah. Rasa nyaah meunang nadean tina sifat Allah Anu Maha Rahman. Dina titincakan ieu pisan ngadegna silih asah jeung silih asuh

Asa pamohalan pisan aya jalma bisa mikanyaah anu sejen karna Allah lamun dina dirina teu nyampak rasa nyaah anu jolna tina Sifat Rahman. Pamohalan aya jalma kakecretan sifat Rahman, lamun jalma eta lain jalma tauhid. Jadi ungkara eta, pangheulana pisan ngudukeun urang Sunda tauhid.Di mana geus aya rasa tauhid,pasti muncul rasa nyaah ka sasama. Tina tauhid eta keneh datang elmu, sabab anu tauhid dijangjian ku Allah baris dipaparinan elmu. Lamun geus berelmu aya kawajiban ngabagikeun ka batur. Eta sababna filsafat Sunda nitah silih asah. Silih asah uteuk, silih asah rasa, silih asah budi-pekerti. Cindekna silih simbeuhan ku pangarti jeung ku budi.Kumaha bisa aya silih simbeuhan ku pangarti jeung budi di antara anu sarua tunana.

Ti dinya bakal datang kahayang silih asuh anu hartina, lamun antara anu papada dewasa, silih ayunkeun silih senangkeun, ngajauhan pacengkadan. Antara anu dewasa jeung sahandapeunana aya kawajiban di anu dewasa ngajaga kasalametan, ngadidik jeung nganteur nu ngora kana kadewasaan.

Lamun dilenyepan baris kaharti yen ungkara , atawa paribasa atawa naon bae ngaranna silih asih,silih asah,silih asuh teh, ngandung isarat ti karuhun sangkan urang Sunda kudu jadi jalma anu tauhid, jalma anu berelmu, jalma anu mandiri atawa sawawa, sangkan bisa jadi jalma anu mangpaat pikeun sasama jeung alam sabudereunana. Lamun nyosok deui ka beh jero, moal salah sigana lamun urang narik kasimpulan yen eta teh mangrupa bagean tina harti ayat rahmatan lil ‘aalamiin.= mawa rahmat ( kahadean) keur sakuliah alam. ( Al Anbiya’ ; S 21; 107)

Herang caina beunang laukna. Ieu teh nasehat , dina digawe atawa dina perjoangan kudu bisa hasil maksud bari henteu nyababkeun karuksakan atawa kakiruhan anu ngarugikeun. Cindekna mah kudu ati-ati .kudu boga wiwaha, kudu wijaksana. Sedeng ari wijaksana teh kapan aya dina shirothol mustaqim.

Teu langkung anu dibendo. Nu dimaksud nu dibendo teh anu kawasa. Jaman ayeuna mah, loba pisan anu nyangka yen ungkara ieu teh geus teu merenah deui, geus teu usumna, geus meujeuhna ditinggalkeun sabab pohara ngarugikeunana. Malah dituding, lantaran pageuh teuing nyekel kana filsafat ieu urang Sunda ayeuna jadi tinggaleun dina sagala rupa urusan.

Ungkara ieu nembongkeun kasatiaan karuhun urang ka anu jadi raja atawa pamingpin, da puguh jadi kawajiban anu dipingpin mah satia ka anu mingpin.Sikep ieu teh taya bedana jeung parentah Al Quran ka sakabeh anu ariman supaya satia ka Allah, ka Rasul jeung ka nu mingpin. ( An Nisa’ ; S 4; 59) Jadi teu bisa dihartikeun ieu parentah teh pikeun jadi kodomoyo atawa boga sipat sumuhun dawuh, sabab kasebut urang Islam mah, komo pikeun anu yakin yen Islam teh Sunda , Sunda teh Islam, parentah ieu teh kudu dijalankeun salila anu mingpin masih tetep aya dina bebeneran ilahi. Di mana geus nyimpang mah teu aya kawajiban taat, malah lamun wasa mah kudu daek ngarobah kaayaan.

Someah hade ka semah oge sarua ajaran agama Islam . Tamu kudu dihormat dipupujuhkeun paling lila tilu poe. Liwat ti dinya mah taya deui kawajiban. Tapi oge lain kudu diusir atawa dimusuhan . Da lamun anu jadi tamuna urang Islam mah, baris nyaho naon hak jeung kawajibanana.

Sipat someah hade ka semah teu bisa disalahkeun jadi sabab Ki Sunda jadi lain pribumi di imahna sorangan pedah loba tempat anu dieusian ku lain urang Sunda. Ditingal tina jihat daratangna , maranehanana teh lain semah. Atuh diitung tina lilalana, lamun tea mah kungsi jadi semah ayeuna geus lain semah deui.Salaku warganegara Indonesia maranehanana oge teu bisa disanggap semah. Ongkoh deuih urangna sorangan teu kungsi nempatkeun maneh jadi pribumi. Lamun urang ngantep, lain pedah urang someah. Lamun ayeuna karasa saperti jati kasilih ku junti,bongan urang sorangan, naha atuh tempat-tempat anu saenyana bisa dieusian ku uarng sorangan henteu ditempatan. Deungeun anu nenjo aya tempat kosong tur nguntungkeun terus rikat ngarebut lantaran taya hukum anu ngalarang, naha bisa disalahkeun? Tah dina ngungkulan masalah-masalah saperti kieu urang dipentes digawe make filasafat herang caina beunang laukna.

Ulah pupulur memeh mantun. Maksudna basajan pisan, ulah sok ngaheulakeun hak memeh kawajiban. Ieu teh ajaran Islam jeung kitu dicontokeunana ku Nabi saw. Lain saperti anu dihartikeun ku sabagean inohong Sunda kiwari. Pajahkeun teh cenah, ayeuna mah geus lain jamanna deui digawe kitu teh. Kudu menta dibayar ti heula, sakurang-kurangna menta dipersekotan. Pikeun sababaraha urusan mah bisa jadi bae urang kudu kitu, tapi ari sacara umum mah tetep kudu ngaheulakeun kawajiban batan hak. Kapan ruksakna nagara urang ayeuna oge lantaran loba teuing jelema anu ngaheulakeun kawajiban batan hak.

Kiwari, loba pisan inohong Sunda anu boga angkeuhan mundurna Ki Sunda ayeuna lantaran masih keneh nyekel filsafat anu geus tinggaleun jaman. Padahal, asa pamohalan pisan aya ajen-ajen Islam make geus teu mahi deui keur ayeuna. Ngan lantaran kurang ngarti atawa frustrasi bae anu bisa mengkolkeun tina harti anu sabenerna mah. Tapi oge lain mustahil lamun aya anu ngewa atawa sirik ka Ki Sunda terus ngahaja mengkolkeun harti sabenerna pikeun kapentingan sejen, saperti kaom orientalis baheula mengparkeun harti Islam keur kapentingan penjajah. Sakuringeun mah yakin, pangna Ki Sunda mundur teh awal-awalna pisan mah aya hiji generasi anu ninggalkeun filsafat Sunda anu adiluhung tea. Kasalahan ieu pada ngantep tepi ka kiwari.

Filsafat anu dijalankeun sapopoe bakal jadi ciri mandiri anu ngajalankeunana, atawa nu jaman ayeuna mah disebut jatidiri. Jadi, lamun aya anu natanyakeun jatidiri Ki Sunda, jawabna anu panggampangna mah, lenyepan bae pakarang/ageman kujang, paribasa,ungkara jeung papatah-papatah Sunda.

Pikeun mungkas kuring seja nembrakkeun sajak basajan :


LAMUN ENYA KUJANG DUA PANGADEKNA.

Lamun enya kujang dua pangadekna,
pantesna,
sabeulah keur naratas di pawenangan,
sabeulah deui geusan meuntas ka kalanggengan.


Lamun enya kujang dua pangadekna,
Kuduna,
Ka ayeuna mawa nyatria,
Ka jaga mawa mandita.


Lamun enya kujang dua pangadekna,
Jatidiri Sunda,
nu ayeuna satria -pinandita,
nu tiheula pandita - sinatria.


Lamun rampak anu ayeuna .
meta bareng jeung anu tiheula,
Sacabakna-sacabakna,
Jati kasilih ku junti ukur paribasa,
Sunda digjaya di mana-mana.


Dimuat ku PR 143 Juli 2002.

Disundakeun 17 Februari 2003.
H.Rachmat M.A.S.


Tidak ada komentar:

Posting Komentar