Jumat, 11 Desember 2009

Tilem/Ngahyang di Alam Kami

Eddy Nugraha

Assalamualaikum wr wb..
Cariosan ngeunaan tilem/ngahyang tos sering dipadungdengkeun ku para wargi (sanaos sim abdi teu acan ngiringan aub..mung ngaos wungkul)..utamina di kisunda. Sim abdi ngintun deui serelek ngeunaan tilem/ngahyang.. bane we kalepasan dodongeng di kopdar cupumanik…

ku kituna punten ka nu sanesna… bilih dongeng lembur ieu ngabosenkeun/ngabarubahkeun pamendak kawargian….

Tawis baktos ka Kang Hendi (?) sareng Ua Haji..nu ngemutkeun kana ‘dodongeng’ sim abdi di millis… oge ka sadaya kawargian.. teu hilap ka pupuhu kusnet M(ang) J miwah Ua Sas…. haturan.

Panganteur
Ngahyang atawa tilem lolobana dinisbahkeun ka cara ninggalkeun alam dunyana Siliwangi jalma baheula di jaman Pajajaran (lain jalma ayeuna). Harti jeung maksud jalma sunda ayeuna ngeunaan kecap/konsep ngahyang atawa tilem rupa-rupa, misalna, Dina ensikolpedi sunda (2000) entri ngeunaan tilem euweuh. Aya oge ngahyang – dina entri kecap hyang- nu dihartikeun leungit jeung jasadna ngajadi hyang. Ari Hyang di sunda mah luhureun dewa-dewa - ‘Allah’ di sunda mah disebut diantarana Sang Hyang keresa (nu maha pencipta) jeung Hyang Seda niskala ( Maha Gaib). Dina kamus LBSS (1992) kecap ngahyang euweuh aya oge tilem nu dihartikeun ngaleungit jadi siluman---beu!. Aya oge nu dinisbahkeun tilem/ngahyangna Siliwangi teh teu dipercaya lain leungit jeung jasad tapi paeh biasa mun teu salah mah ieu teh salah sahiji pamendak ti, di antawisna, Pa Yosep Iskandar. Aya oge nu saukur ngagolongkeun ngahyang teh mitos (tahayul) jadi lain mang rupa hiji hal nu jadi kareueus da bohong. Kaasup nu nyebutkeun sarua/beda antara tilem jeung ngahyang ditambah bumbu ayana maung kajajaden.

Ari ieu tulisan… hayang ngajelaskeun sabisana yen tilem/ngahyang teh lain mitos/tahayul tapi hiji ulikan nu masagi…lain ngaleungit jadi siluman tapi balik ka Allah swt nohonan innalillahi wa innailaihi rojiun…sanajan baheula mah carana lain nganggo sareat Muhammad… bari badan/jasad awak-awakana sampurna dina harti sirna mulang ka asalna …jeung bisa wae dilakukeun jalma ayeuna nu nuturkeun sareat Sang Rahmatan lil alamin (islam) lain baheula wae…. bisa henteuna nu nulis mere katerangan nu ENYA keur ngadukung argumenna dina ieu tulisan gumantung kana panilaian nu macana.

….. pangapunten bade dijujut ti ‘konsepsi’ jeung paradigmana heula…. sateuacan kana hal tilem/ngahyang… eta ge upami pareng… nyanggakeun sun..

I. Innalillahi wa innailaihi rajiun….(kabiasaan)
Kekecapan innalillahi wa innailaihi roji’un nu dihartikeun sacara awam mah asal ti Allah balik deui ka Allah… loba/ilahar diomongkeun lamun aya/meunang beja aya jelema maot [Sanajan dina qur’ana (Albaqarah) mah nyebut kecap diluhur teh ciri mu’min lamun meunang musibah]. Sigana pedah ditinggal maot teh kaasup musibah kanu ditinggalkeun… Atawa hiji etiket nu terkadang klise bijilna kecap kitu teh supaya kasebut alus wae ku nu ditinggal maot yen urang ngilu sedih/kaleungitan…bari saenyana mah bisa wae teu sedih teu sing..he..he. kukuring teu diasupkeun kana ngadu’akeun sabab jarang kaciri intonasi atawa posisina siga ngadu’a lolobana intonasi na teh siga ‘statement’.

…nu jelas mah nyawa na jadi arwah…sok dihadiahan illa arwahi.. badanna jadi mayit…. Dimandian, dikafanan, disolatan terus dikubur.

Naha enya nu maotna mah harita manjing innalillahi wa innailaihi rojiun?….wallahu alam… sabab lamun nurutkeun katerangan tina qur’an. ..aya nu bakal keuna siksa sapanjang langit jeung bumi … aya nu dikubur heula…ngalaman padang masyar…aya nu meunang rahmat/nikmat heula …aya nu lila rek tepina ….jeung aya oge aya nu langsung (diistilahkeun ‘secepat kilat’) meunang rido Allah bisa balik ‘panggih’ jeung Rabbna…

Enya..enyana mah kabeh mahluk bakal balik deui ka Allah…ngan can tangtu harita (pas maot) …teuing iraha!!!!???? Boa sanggeus bumi langit rusak… beu lila lila teuing.

Malah saenyana hayang bisa manjing innalillahi teh manusa kudu usaha satekah polah salila hirupna pikeun panggih jeung Rabbna ??!!

Wa’bud rabbaka hatta ya’tiyakal yakin…. atawa lamun lolong didunya lolong diaheratna….lamun teu apal di dunyana ka Allah…di aheratna ge tangtu lolong teu apal…jrrd argumen nu bosen lamun dituliskeun deui…..ah rek percaya we bakal balik ka Allah….he..he..heueuh gampang pisan teu kudu susah-susah … tapi pan sakabeh kayakinan teh kudu jeung elmuna bener henteuna kudu kasungsi sabab bakal dipenta pertanggungan jawabna.

II. Innalillahi wa innailaihi rajiun (ulikan)

Asal ti Allah balik ka Allah disunda (tiasa diaos heula sunda nganggo tanda kutip) leuwih diteuleuman. Paling henteu di sunda loba kekecapan nu ngajelaskeun leuwih rinci ngeunaan maot. Salah sahijina dijentrekeun ku kecap mulih ka jati mulang ka asal…dilembur mah ditambah ku sampurna… sampurna ning beak lebur papan karo tulis…kasalinan cahya …jeung saterusna….

Naha?
Baheula insan (urang) teh laa syaian madzkuuran = euweuh – lain nanaon nu bisa disebutkeun (al-insaan). Nya terus dijieun jadi insan jelema make bahan nutfah bari dibere ruh pangdenge pangdeuleu pangangseu pangucap jeung hate. Ahirna dina basa sapopoe di sunda mah eta kabeh….digolongkeun kana dua hal… kuring jeung kurung.. jirim jeung jisim..jasmani jeung rohani… aya jiwa jeung raga…aya nyawa aya badan … tah dina waktuna balik ka nu maha suci… innalillahi wa innailaihi rajiun teh.. urang sunda nu ngulik..bisa nganyahokeun…wanoh…jeung mampuh…ngabedakeun mana nu kudu mulih ka jati mana nu kudu mulang ka asal.

Lamun nyawa/jiwa/jisim/kuring/ruhani… sing mulih ka jati lamun badan/raga/jirim/kurung/jasmani… sing mulang ka asal.

Kumaha cara jeung kanyataanana?

III Mulih ka jati

Ari mulih ka jati teh hartina asal euweuh balik kaeuweuh. Nu euweuh teh –ulah salah - ka manusaan/kainsanan asal sirna balik deui jadi sirna. Asal laa syaean madzkuraan balik deui jadi laa syaean madzkuran (Al Insan). kainsanan ngan saukur dipake jeung aya salila di dunya, dina paeh mah euweuh/sirna. Siga kertas (jiwa) salila hirup ditulisan jadi jelema (tulis salaus alusna). Tah dina ninggalkeun ieu alam dina jiwa/nyawa/jisim/kuring dihapus deui supaya kertas beresih deui euweuh tulisan kajelemaan nohonan statement qur’an manusa laa syaean madzkurran. Urang sunda nu ngulik teu Sieun leungit tulisan/kajelemaan ..da teu jadi sirna teu puguh. Sabab dina leungit tulisan teh aya keneh kertasna nya bodas nya nyacas…nu qadim balik jadi qadim.

Tulisanna urang sunda nu ngulik mah dihapusna teh make cara ‘cut’ atawa ctrl-x.Jadi dina kertas papan jiwana
geus euweuh tapi lamun aya nu perlu ku tapak/kanyaho salila didunya bisa di paste/ctrl-v ku jelema nu hirup keneh. Siga kasus ngeunaan maung gaib nu bisa ngabelegedeg lamun dipenta dina hubungana jeung jalma nu tarilem baheula. Salila operating system dunya teu rusak/robah ieu ‘instruksi’/elmu di clipboard dunya moal leungit tinggal aya henteuna jelema ayeuna nu daek/wani/bisa/nyaho nga paste/nga downloadna. Jelema na mah geus balik ka jatina. Nu aya teh elmuna (lain jiwa/jisim/kuring/nyawana) di langit dunya sunda tara dibabawa paeh karidu ridu.


IV Mulang ka asal
Ari mulang ka asal. Asal tina Nur (sunda eusi) balik deui ka Nur (sunda eusi) nya eta nu jadi asal kurung/jasmani/raga/badan/jirim.
--
Sim kuring 2-3 taunan kapengker kantos ‘dodongeng’ ngeunaan ULIKAN SUNDA nu mangrupa cahya (salah sahiji harti sunda=cahaya), sabagiana kantos didugikeun ka kawargian Boh di millist ki sunda, sundanet, oge ‘print’na (aya nu 25 hal- aya nu 294 hal).

Matak usul ka Kang MH/sareng tim TQBS hartos sundana Surat An-Nuur diterjemahkeun Surat Sunda.
----

Naha ?

Mimitina asal awak ngagedean asalna tina hasil kadaharan..ari kadaharan asal tina sato/tutuwuhan…asal tina aci-acining taneuh, ditambah cai nu diauban ku hawa (baheula sok disebut angin) di usikeun ku berkah na panonpoe/energi ( baheula sok disebut unsur seuneu). Bari diingetkeun ku Que’an qur’an yen sakabeh dunya jeung langit asalna tina Nur nu di jadikeun ku Nurusmawati fil ardhi (SUNDAna langit jeung bumi)..matak kongas Allah teh nurrun ‘ala nurrin.

Kajadian mulang kaasal
Nu maot biasa raga na jadi bangke, terus biasana dikubur nya lila-lila terurai deui jadi taneuh jst..jst tapi masih keneh mangrupa unsur dunya, da masih keneh aya dina siklus atawa rantai makanan di dunya. Aya oge nu diduruk, lebu na aya nu disimpen aya nu diawurkeun ka laut ameh larut jeung alam tapi eta kabeh masih dina unsur dunya …da masih keneh muter di siklus dunya sanajan ari di awurkeun di laut mah meureun ngilu kana siklus dunya nu leuwih gede. Mulang ka asalna jalma biasa mah ngan nepi ka taneuh deui nu eta ge prosesna dibikeun ka alam/batur.

Nu maot na ngulik mah raga na teu nepi ka jadi bangke, sirna na eta raga ge teu jadi unsur ‘partikel’ dunya deui tapi dibalikkeun deui ka Allahna. Sabab boga rasa rumasa:
1. Nganuhunkeun ka raga/badan/jasmani/kurung nu ku inyana teh urang sunda ‘nu ngulik’ bisa ngarasakeun ni’matna dunya…nu ku eta bisa ibadah ka Allah swt…bisa silih asah silih asih silih asuh silih getereng soloh reheng silir rebut jeung sasamana jeung ku raga eta ‘nu ngulik’ bisa ngahontal ni’mat Allah di aherat nu euweuh batesna nya gede nya langgeng.
2. Kusabab raga eta asalna tina roh-roh hewan/tutuwuhan/taneuh jeung unsur-unsur dunya lainna, nganuhunkeun ka raga ieu sarua jeung nganuhunkeun ka eta kabeh nu geus dipake ku urang sunda nu ngulik (nu teu ngulik mah can tangtu boga rasa nganuhunkeun). Sabab sato jeung tutuwuhan ge ummat/mahluk nu hiji waktu bakal ruksak jeung kabeh ge (kudu) balik ka Allah wa ilaihi turja’un. Sedengkeun nu bisa ma’rifat /ni’mat boga agama teh ngan jelema. Ari sato/tutuwuhan mah henteu tapi ku dihakan teh mantuan jelema supaya kuat/bisa ibadah/ma’rifat. Tah mulang tarima na ku mawa maranehna innalillahi wa innailaih rojiun sanggeus maranehna ibadah ku mantuan jelema hirup/usik malik. Jadina runtut raut silih tulung..sok disebut di lembur mah ka cai jadi saleuwi ka darat jadi salebak. 3. Tina nu dua eta nu utamana mah nganuhunkeun ka nu maha suci sabab sagala ge ti Mantena. Jadi dina baralik teh, salah sahijina, diwangsulkeun deui pamasihanana ka asalna sadayana teu kurang teu leuwih, euweuh nu diaku aku nu disumput sumput nu diantep dipoho poho teu diwangsulkeun ari dina waktuna kudu balik.
3. Kumaha cara jeung kanyataanana ?


V Kajadianana

Kajadianana mulih ka jati mulang kaasal…rupa rupa.. kumaha pamilih jeung kamampuhna

Aya nu heula mulih ka jati…mulang kaasalna nuturkeun ku program/ do’a/ itikad memeh maot. jadi katingali ku batur mah siga paeh biasa.

Aya nu bareng sakaligus… nya nu iyeu nu di alam kami mah nu disebut Tilem/ ngahyang warisan turun manurun seuweu sunda. Ngan kajadianna matak helok matak ta’ajub.

VI cara (ringkesna)
‘Katerangan tina qur’an’ bagi I tea… urang gundukkeun deui:
1. Ayana badan raga jasmani nu asalna ceunah ceuk qur’an mah tina taneuh (caritaan ngeunaan adam), cai (sakabeh mahluk dijieun tina cai), diauban ku nafas, jeung kasorotan berkah panonpoe- di lembur mah sok disebutkeun jasmani/raga/badan/kurung asal tina unsur taneuh, cai, angin (nafas) jeung seuneu (energi/panonpoe).
2. Ayana indra nu bisana nganyahokeun ngeunaan dunya. pangdenge, pangdeuleu, pangangseu moal bisa nganyahokeun Allah. Da cenah Allah mah moal katingali…moal kadenge moal… kahontal ku akal.
3. Ayana Ruh nu jadi urusan Allah – jelema mah cenah mun dibere nyaho ge saeutik…eta ge lamun dibere nyaho.
4. Ayana hate nu jadi panarima ngeunaan sagala hal ti dunya – didieu di sunda bijil istilah ngeunaan RASA nu dihartikeun awas na hate.

Jadi Insan/jelema nu dibekelan 4 hal tea nu singgetna diwangun ku jasmani + indra+ hate + Ruh

[Kuring pernah nyobaan ngajelaskeun ngeunaan teknik maehan (heula) panca indra..nu memang aya..di kusnet/kisunda ngan hanjakal kirang peminatna ieu dongeng lembur teh janten teu diteraskeun deui]

Lamun panca indera euweuh nu aya dijelema tinggal raga + hate jeung ruh.

Tah dina ieu teknik…lila..lila hatena beresih teu kalimpudan kapangaruhan ku panca indera…da panca indera na di leungitkeun (heula) teu mere signal kadunyaan/mangruhan hate … nya si hate tinggal ngarasakeun (kamampuan hate jadi panarima-ku sikep aslamtu) si hate ahirna bisa ‘nganyahokeun’ urusan-urusan ruhaniah da nu katarima na tinggal raga+ruh. Ari jasmani lamun indera na paeh (heula) bakal breh mangrupa cahaya (sunda) (tos pernah mendakan???). Pan kongas ningali Allah di dunya ku awasna hate/qalbu (rasa) lain ku mata denge sirah, Qalbu mu’minin baetullah…jrrd..jrrd…katasaufan nu klise/hambar lamun saukur nyaho bari teu karasa teu ka bukti.

Ieu nu ceuk kuring teknik empirik..saha wae nu bisa migawe eta..bakal manggihan nu sarua (naha enya?). Teknik na aya nu ti Islam.. aya nu ti luluhur sunda…ceuk urang lembur mah lamun can mendak tinggal naros ka nyalira…nepi kamana urang ngulik agama + kasundaan ???

Naha perlu kawas kitu ?
(urang teraskeun kapayun, insya allah)
baktosna
Eddy Nugraha


1 komentar:

  1. Baccarat - Rules and Odds for Poker, Roulette and
    A standard deck of playing cards is the dealer's card. This hand will also include two or more septcasino cards 메리트카지노 (black 바카라사이트 and red) and a four-card

    BalasHapus